Kalimah (basa Sunda)
Daptar eusi
[sumputkeun]Wangun Kalimah[édit | édit sumber]
Kalimah Salancar[édit | édit sumber]
- Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
- Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
Kalimah Salancar | Pola | Conto | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Basajan | J C (O+) |
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Jembar | (K+) J C (O+) (K+) |
|
Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta
- katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
- katerangan tempat:
- maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
- maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
- katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
- katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
- katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
- katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
- katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.
Kalimah Ngantét[édit | édit sumber]
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:
- Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
- Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.
Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan | Conto |
---|---|
1. Hubungan nambah
|
|
2. Hubungan lalawanan
|
|
3. Hubungan pilihan
|
|
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.
- (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
- (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan | Conto |
---|---|
1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, saméméh, sanggeus,waktu, jsb.
|
|
2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb. | Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin. |
3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh | Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura. |
4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan | |
5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan | |
6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna | |
7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari | |
8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun | |
9. Hubungan pangjéntré yén | |
10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na | |
11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé |
Fungsi Kalimah[édit | édit sumber]
Kalimah Wawaran[édit | édit sumber]
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa ngabejaan ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan.
Kalimah Pananya[édit | édit sumber]
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.
Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.
|
(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
|
(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.
(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.
|
(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)
|
pananya jalma:
- saha mamah na aji?
- saha nuteu milu upacara poe senen kamari?
Kalimah Paréntah[édit | édit sumber]
Kalimah paréntah nyaeta kalimah anu eusina mah nitah ka nu lian sangkan migawe pagawean. Kalimah parentah sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)
Kalimah parentah bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, saluyu jeung eusi atawa maksud nu dikandungna:
A. Kalimah Panitah[édit | édit sumber]
Contona:
- Tutupkeun pantona, Mang!
- Pareuman televisi teh!
- Cangcang domba teh!
B. Kalimah Pangajak[édit | édit sumber]
Contona:
- Jun, maen bal, yu!
- Meuli tahu, yu ah!
- Hayu urang diajar ngadongeng!
C. Kalimah Pangharepan[édit | édit sumber]
- Mugi anjeun enggal damang.
- Muga-muga urang jadi juara kahiji.
- Mugi-mugi sadaya siswa VIII tiasa naek kelas.
D. Kalimah Panyaram[édit | édit sumber]
- Ulah diuk di jalaneun, atuh!
- Ulah kitu, atuh!
- Teu kenging hitut di kelas, bau!
E. Kalimah Pangjurung[édit | édit sumber]
- Jung geura salin ari rek milu ka Bogor teh.
- Sok geura diajar ti ayeuna!
- Bakal dipasihan geura upami nyuhunkeun mah.
F. Kalimah Panggeuri[édit | édit sumber]
- Anu sabar we, lamun bapa anjeun keur teu damang.
- Sing tabah, nya, urang mah jalma teu boga.
- Sabar, nya, lamun nyanghareupan masalah teh.
Wanda Kalimah[édit | édit sumber]
Kalimah Aktip jeung Pasip[édit | édit sumber]
1. Kalimah aktif nya éta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.
- Contona: Titi meuli daging.
2. Kalimah pasif nya éta kalimah anu jejerna kakeunaan hiji pagawéan.
- Contona: Daging dibeuli ku Titi.
Kalimah Resiprokatif/Babalesan[édit | édit sumber]
Kalimah resiprokatif nyaeta kalimah anu subyekna migawe pagawean kalawan pabales-bales. Titenan contona:
- Dion jeung Doni mah silih toel.
- Ulah silih ciwit bae bisi ceurik.
- Saha eta nu keur patarik-tarik lumpat di lapang?
Kalimah-kalimah diluhur teh nuduhkeun pagawean anu pabales-bales. Rarangken anu digunakeun dina caritaan kalimah nyaeta silih- jeung pa- + dwilingga
Kalimah Langsung jeung Teu Langsung[édit | édit sumber]
- Kalimah langsung nyaeta kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna. Kalimah langsung sok ditulis (dihapit) make tanda kekenteng ("...")
Conto: Ceuk Icih, " Jang, pangmeserkeun patlot ka warung!"
- Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu heunteu dicaritakeun langsung ku panyaturna, sipatna naratip (nyaritakeun)
Conto:Icih nitah ka si Jajang yen manehna hayang dipangmeserkeun patlot ka warung.
Kalimah Transitip jeung Intransitip[édit | édit sumber]
Kalimah Transitip nyaeta kalimah anu caritaanna merlukeun Udagan (Objek) Conto : Nuni/S nuju maca/P buku/O
Kalimah Intransitip nyaeta kalimah anu caritaanna teu merlukeun ayana Udagan (Objek) Conto : Itoh/S nuju maca/P
Kalimah Sampurna jeung Teu sampurna[édit | édit sumber]
Warna Kalimah[édit | édit sumber]
Kalimah Barang[édit | édit sumber]
Kalimah barang nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.
Conto:
Conto:
- Si Udin téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
- Singhoréng bapana téh dokter.
- Témbokna beton kabéh.
Kalimah Pagawéan[édit | édit sumber]
Kalimah pagawéan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.
Contona :
Contona :
- Budak keur dahar.
- Nina ceurik.
- Barudak sakola keur dialajar.
Kalimah Sipat[édit | édit sumber]
Kalimah sipat nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.
Contona:
Contona:
- Buluna bodas.
- Budak téh bageur.
- Dudu gering.
Kalimah Bilangan[édit | édit sumber]
Kalimah bilangan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.
Contona:
Contona:
- Paingan anakna loba.
- Daharna téh ngan ukur sapiring leutik.
- Jerona kurang leuwih 1000 méter.
Kalimah Pangantét[édit | édit sumber]
Kalimah Pangantet Nyaeta kalimah anu caritaanana ngandung kecap pangantet.
Conto kecap pangantet:
• Ti ( dari )
• Pikeun ( untuk )
• Siga ( seperti )
-Jaketna *tina* kulit =
-Baju seragam teh aya *dina* lomari =
-mahmud *siga* bapana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar