BABASAN
1. Amis Budi = Hade budi, teu weleh seuri ka batur.
2. Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok.
3. Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.
4. Ayeum Tengtrem = Senang hate, teu boga kasieun atawa kahariwang.
5. Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan.
6. Beak Dengkak = Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
7. Bengkok Tikoro = Teu kabagean dahareun lantaran elat datang.
8. Beurat Birit = Kedul, hese dititah.
9. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya.
10. Buntut Kasiran = Pedit, koret, hese mere ka batur.
11. Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot.
12. Dogdog Pangrewong = Saukur omongan panambah. (Ngagosip)
13. Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener.
14. Epes Meer = Babari ceurik, babari peunggas harepan.
15. Gantung Denge = teu anggeus anu didengekeun.
16. Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang.
17. Gede Hulu = Sombong, Adigung.
18. Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum.
19. Gurat Batu = Mawa karep sorangan.
20. Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.
21. Hampang leungeun = Babari neunggeul.
22. Handap Lanyap = Ngomongna hade padahal maksudna ngahina.
23. Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.
24. Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangbibita.
25. Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.
26. Hejo Tihang = resep pipindahan.
27. Heuras Genggerong = Ngomongna kasar.
28. Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.
29. Indit Sirib = Indit sakulawarga.
30. Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.
31. Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong.
32. Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing.
33. Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin diburuan.
34. Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.
35. Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon.
36. Laer Gado = Resep barang penta.
37. Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon.
38. Leuleus Awak = Resep barang gawe.
39. Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.
40. Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan.
41. Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.
42. Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.
43. Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.
44. Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.
45. Ngegel Curuk = Teu menang hasil.
46. Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan.
47. Ngijig Sila = Henteu satia.
48. Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak.
49. Panjang Lengkah = Loba pangalaman.
50. Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.
51. Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.
52. Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.
53. Era Paradah = Era ku kalakuan batur.
54. Geulis Gunung = Katingali ti jauhan alus tapi beh dekeut goreng.
PRIBAHASA
1. Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goreng sok hese dirobahna.
2. Adean ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakean meunang nginjeum.
3. Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
4. Asa mabok manggih gorowong = Boga kahayang ari pek aya nu nyumponan atawa aya nu mere jalan bari teu disangka-sangka.
5. Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
6. Banda tatalang raga = Harta teh pikeun nulungan raga (awak).
7. Batok bulu eusi madu = Katenjo luarna (awakna) siga nu goreng padahal jerona (hatena) alus.
8. Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.
9. Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur.
10. Buruk-buruk papan jati = Najan gede dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.
11. Caina herang laukna beunang = Ngarengsekeun perkara ku cara anu hade teu matak tugenah.
12. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawe tangtu bakal karasa hasilna.
13. Clik putih clak herang, caang bulan opat belas = beresih hate, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa tugenah.
14. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean anu baku.
15. Gindi pikir belang bayah = Goreng sangka atawa goreng hate ka batur.
16. Goong nabeuh maneh = Ngagulkeun diri sorangan.
17. Hade gogog hade tagog = hade omongan jeung tingkah laku.
18. Hade tata hade basa = Hade tingkah laku jeung hade omongan.
19. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = Kahadean anu loba leungit ku kagorengan anu saeutik.
20. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa teh sumber kasenangan.
21. Jati kasilih ku junti = Anu hade kasilih ku nu goreng.
22. Ka cai jadi saleuwi ka darajat jadi salebak = Babarengan, akur sauyunan.
23. Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan.
24. Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunnana.
25. Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.
26. Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun digawe enya-enya tangtu bakal aya hasilna.
27. Bandung kandungan laer aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan pasualan.
28. Lauk buruk milu mijah = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.
29. Leuleus jeujeur liat tali = Wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara.
30. Lodong kosong sok ngalentrung = Jalma anu loba omong elmuna saeutik.
31. Marebutkeun paisan kosong = masinikeun pasualan anu teu aya hartina.
32. Mindingan beungeut ku saweuy = Ngewa ka hiji jelema, tapi api-api resep.
33. Mipit kudu amit ngala kudu menta = Lamun rek barangcokot atawa barangala kudu bebeja heula kanu bogana.
34. Moro julang ngaleupaskeun peusing = Pagawean anu geus puguh ditinggalkeun ari nu can puguh diudag-udag.
35. Mun teu ngakal moal ngakeul = Lamun teu barang gawe mpal dahar.
36. Nete taraje nincak hambalan = Migawe satahap-satahap, henteu rusuh hayang anggeus sakaligus.
37. Neukteuk curuk dina pingping = Nyilakakeun dulur sorangan.
38. Ngadek sacekna nilas saplasna = Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa ngaleuleuwihkeun.
39. Ngaliarkeun taleus ateul = Ngabeja-beja/ nyebarkeun kagorengan batur.
40. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = batur dipikanyaah ari dulur sorangan diantep.
41. Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman = Nyaluyukeun maneh jeung kaayaan jaman.
42.Ngukur ka kujur nimbang ka badan = Ngukur kana kamapuh atawa kaayaan diri sorangan.
43. Nyieun pucuk ti girang = Nyieun kasalahan ti heula.
44. Pacikrak ngalawan merak = nu leutik/ miskin ngalawan nu gede/ beunghar.
45. Pagiri-giri caik pagirang-girang tampian = Paluhur-luhur jeung batur, henteu hayang akur sauyunan.
46. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = Boga kahayang anu pamohalan kasorangan.
47. Pupulur memeh mantun = Barang dahar samemeh digawe.
48. Silih jenggut jeung nu dugul = Menta tulung ka jalma anu sarua keur ripuh.
49. Teng manuk teng anak merak kukuncungan = Sipat atawa kalakuan indung bapa nu sok nurun ka anakna.
50. Tiis ceuli herang mata = Tengtrem, teu aya gangguan.
51. Tinggul dirurud catang dirumpak = Sagala ikhtiar sanajan nyusahkeun batur sangkan hasil nu di maksud.
52. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan = Ngukur kana kaayaan diri sorangan.
53. Uyah tara tees ka luhur = Sipat atawa kalauan indung bapa sok nurun ka anakna.
54. Wiwirang di kolong catang = Meunang wiwirang turta kanyahoan ku batur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar