Jumat, 22 April 2016

Sisindiran

SISINDIRAN


Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd. Conto sisindiran:
Aya roda na tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana

RARAKITAN

Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dinasisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:
Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:
Sing getol nginum jamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.

PAPARIKAN

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

paparikan silihasih

Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.

paparikan piwuruk

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
sinta andai saja aku bisa memiliki mu pasti aku akan gembira

parikan sesebred

Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:
Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.


WAWANGSALAN
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Contona:
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)


Conto conto babasan jeung pribahasa

BABASAN

1. Amis Budi = Hade budi, teu weleh seuri ka batur.
2. Amis Daging = Babari kakeunaan ku panyakit kulit, contona borok.
3. Atah Anjang = Langka nganjang ka batur atawa ka tempat-tempat lianna.
4. Ayeum Tengtrem = Senang hate, teu boga kasieun atawa kahariwang.
5. Babalik Pikir = Sadar tina kasalahan.
6. Beak Dengkak = Geus ihtiar rupa-rupa tapi teu hasil.
7. Bengkok Tikoro = Teu kabagean dahareun lantaran elat datang.
8. Beurat Birit = Kedul, hese dititah.
9. Bodo Alewoh = Bodo tapi daek tatanya.
10. Buntut Kasiran = Pedit, koret, hese mere ka batur.
11. Cueut Ka Hareup = Jelema nu geus kolot.
12. Dogdog Pangrewong = Saukur omongan panambah. (Ngagosip)
13. Elmu Ajug = Mapatahan batur bari sorangan teu bener.
14. Epes Meer = Babari ceurik, babari peunggas harepan.
15. Gantung Denge = teu anggeus anu didengekeun.
16. Gantung Teureuyeun = henteu cacap barang dahar, lantaran kadaharanna kurang.
17. Gede Hulu = Sombong, Adigung.
18. Getas Harupateun = Babari nuduh atawa ngahukum.
19. Gurat Batu = Mawa karep sorangan.
20. Hampang Birit = Babari dititah, henteu kedul.
21. Hampang leungeun = Babari neunggeul.
22. Handap Lanyap = Ngomongna hade padahal maksudna ngahina.
23. Harewos Bojong = Ngaharewos tapi kadenge ku batur.
24. Haripeut ku teuteureunyeun = Babari kapincut ku pangbibita.
25. Hawara Biwir = Bebeja ka batur samemeh dipigawe.
26. Hejo Tihang = resep pipindahan.
27. Heuras Genggerong = Ngomongna kasar.
28. Heureut Pakeun = Saeutik Pangaboga.
29. Indit Sirib = Indit sakulawarga.
30. Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong.
31. Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong.
32. Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing.
33. Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin diburuan.
34. Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot.
35. Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon.
36. Laer Gado = Resep barang penta.
37. Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon.
38. Leuleus Awak = Resep barang gawe.
39. Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun.
40. Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan.
41. Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu.
42. Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep.
43. Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan.
44. Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse.
45. Ngegel Curuk = Teu menang hasil.
46. Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan.
47. Ngijig Sila = Henteu satia.
48. Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak.
49. Panjang Lengkah = Loba pangalaman.
50. Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan.
51. Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng.
52. Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna.
53. Era Paradah = Era ku kalakuan batur.
54. Geulis Gunung = Katingali ti jauhan alus tapi beh dekeut goreng.

PRIBAHASA
1. Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goreng sok hese dirobahna.
2. Adean ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakean meunang nginjeum.
3. Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
4. Asa mabok manggih gorowong = Boga kahayang ari pek aya nu nyumponan atawa aya nu mere jalan bari teu disangka-sangka.
5. Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
6. Banda tatalang raga = Harta teh pikeun nulungan raga (awak).
7. Batok bulu eusi madu = Katenjo luarna (awakna) siga nu goreng padahal jerona (hatena) alus.
8. Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng.
9. Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur.
10. Buruk-buruk papan jati = Najan gede dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.
11. Caina herang laukna beunang = Ngarengsekeun perkara ku cara anu hade teu matak tugenah.
12. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawe tangtu bakal karasa hasilna.
13. Clik putih clak herang, caang bulan opat belas = beresih hate, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa tugenah.
14. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean anu baku.
15. Gindi pikir belang bayah = Goreng sangka atawa goreng hate ka batur.
16. Goong nabeuh maneh = Ngagulkeun diri sorangan.
17. Hade gogog hade tagog = hade omongan jeung tingkah laku.
18. Hade tata hade basa = Hade tingkah laku jeung hade omongan.
19. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = Kahadean anu loba leungit ku kagorengan anu saeutik.
20. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa teh sumber kasenangan.
21. Jati kasilih ku junti = Anu hade kasilih ku nu goreng.
22. Ka cai jadi saleuwi ka darajat jadi salebak =  Babarengan, akur sauyunan.
23. Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan.
24. Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunnana.
25. Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.
26. Lamun keyeng tangtu pareng = Lamun digawe enya-enya tangtu bakal aya hasilna.
27. Bandung kandungan laer aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan pasualan.
28. Lauk buruk milu mijah = Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.
29. Leuleus jeujeur liat tali = Wijaksana dina mutuskeun sagala rupa perkara.
30. Lodong kosong sok ngalentrung = Jalma anu loba omong elmuna saeutik.
31. Marebutkeun paisan kosong = masinikeun pasualan anu teu aya hartina.
32. Mindingan beungeut ku saweuy = Ngewa ka hiji jelema, tapi api-api resep.
33. Mipit kudu amit ngala kudu menta = Lamun rek barangcokot atawa barangala kudu bebeja heula kanu bogana.
34. Moro julang ngaleupaskeun peusing = Pagawean anu geus puguh ditinggalkeun ari nu can puguh diudag-udag.
35. Mun teu ngakal moal ngakeul = Lamun teu barang gawe mpal dahar.
36. Nete taraje nincak hambalan = Migawe satahap-satahap, henteu rusuh hayang anggeus sakaligus.
37. Neukteuk curuk dina pingping = Nyilakakeun dulur sorangan.
38. Ngadek sacekna nilas saplasna = Sahinasna boh ucap boh paripolah, henteu bohong atawa ngaleuleuwihkeun.
39. Ngaliarkeun taleus ateul = Ngabeja-beja/ nyebarkeun kagorengan batur.
40. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = batur dipikanyaah ari dulur sorangan diantep.
41. Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman = Nyaluyukeun maneh jeung kaayaan jaman.
42.Ngukur ka kujur nimbang ka badan = Ngukur kana kamapuh atawa kaayaan diri sorangan.
43. Nyieun pucuk ti girang = Nyieun kasalahan ti heula.
44. Pacikrak ngalawan merak = nu leutik/ miskin ngalawan nu gede/ beunghar.
45. Pagiri-giri caik pagirang-girang tampian = Paluhur-luhur jeung batur, henteu hayang akur sauyunan.
46. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = Boga kahayang anu pamohalan kasorangan.
47. Pupulur memeh mantun = Barang dahar samemeh digawe.
48. Silih jenggut jeung nu dugul = Menta tulung ka jalma anu sarua keur ripuh.
49. Teng manuk teng anak merak kukuncungan = Sipat atawa kalakuan indung bapa nu sok nurun ka anakna.
50. Tiis ceuli herang mata = Tengtrem, teu aya gangguan.
51. Tinggul dirurud catang dirumpak = Sagala ikhtiar sanajan nyusahkeun batur sangkan hasil nu di maksud.
52. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan = Ngukur kana kaayaan diri sorangan.
53. Uyah tara tees ka luhur = Sipat atawa kalauan indung bapa sok nurun ka anakna.
54. Wiwirang di kolong catang = Meunang wiwirang turta kanyahoan ku batur

Kalimah kalimah

Kalimah (basa Sunda)



Wangun Kalimah[édit | édit sumber]

Kalimah Salancar[édit | édit sumber]

Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).
  • Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
  • Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
Kalimah SalancarPolaConto
BasajanJ C (O+)
(1)Kuring/dahar
J+C
(2)Habibie/maréntah/nagara
J+C+O
Jembar(K+) J C (O+) (K+)
(1)Kuring/dahar/di kebon.
J+C+K
(2)Habibie/maréntah/nagara/sataun lilana.
J+C+O/K
(3)Ti taun 1998/Habibie/maréntah/nagara.
K+J+C+O
(4)Ti taun 1998/Habibie/maréntah/nagara/sataun lilana.
K+J+C+O/K

Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta
  • katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamariayeunaisukwancijam, jsb.
  • katerangan tempat:
    • maké kecap-kecap pangantét: tidikanepi kadina.
    • maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeunwétaneunkatuhueun, jsb.
  • katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeundemienggoning.
  • katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina makékukana.
  • katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabablantaran
  • katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jigakawassaperticara
  • katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeungbabarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.

Kalimah Ngantét[édit | édit sumber]

Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:
  • Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
  • Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.
Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
HubunganConto
1. Hubungan nambah
  • ... jeung ...
  • ... sarta ...
  • boh ..., boh ...
  1. Kuring dahar sangu jeung tahu.
    • Kuring dahar sangu.
    • Kuring dahar tahu.
  2. Dédi resep ngojay, boh keur leutik kénéh, boh geus kolot.
    • Dédi resep ngojay keur leutik kénéh
    • Dédi resep ngojay ayeuna geus kolotna.
2. Hubungan lalawanan
  • lain ... baé/wungkul, tapi ... (deuih)
  • ..., tapi ...
  1. Anu nyaho kana paripolahna téh lain kuring baé, tapi babaturan sasakola deuih.
    • Anu nyaho kana paripolahna téh kuring.
    • Anu nyaho kana paripolahna téh babaturan sasakola.
3. Hubungan pilihan
  • ... atawa ...
  1. Kuring téh bingung kudu indit ayeuna atawa isukan.
    • Kuring téh bingung kudu indit ayeuna.
    • Kuring téh bingung kudu indit isukan.

Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.
  • (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
  • (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
HubunganConto
1. Hubungan waktusaprakti mimitibasanepi kasaméméhsanggeus,waktu, jsb.
  1. Kuring keuna ku panyakit saprak jalan-jalan ka Talaga Bodas.
    • Kuring keuna ku panyakit. (lulugu)
    • Kuring jalan-jalan ka Talaga bodas. (sélér)
  2. Nepi ka karéta balik deui ka kota, manéhna tetep nungguan.
    • Manéhna tetep nungguan. (lulugu)
    • Karéta balik deui ka kota. (sélér)
2. Hubungan saratsaupamalamunasal, jsb.Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin.
3. Hubungan tujuansangkansupayaambéhAmbéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura.
4. Hubungan babandingansapertiibaratkawastibatan
5. Hubungan sababsabablantaranalatan
6. Hubungan akibatnepi kaakibatnanu matakku kituna
7. Hubungan carakalawanku carabari
8. Hubungan kanyataanpadahalarisedengkeun
9. Hubungan pangjéntré yén
10. Hubungan atributipanu ...nu ...-na
11. Hubungan konsésipsanajansakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé

Fungsi Kalimah[édit | édit sumber]

Kalimah Wawaran[édit | édit sumber]

Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa ngabejaan ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan.

Kalimah Pananya[édit | édit sumber]

Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.
Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.
  • Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
  • Pananya: Baheula Habibie téh présiden?
(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
  • Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
  • Pananya: Naha enya baheula Habibie téh présiden?
(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.
  • Wawaran: Habibie téh présiden.
  • Pananya: Présidén Habibie téh?

(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.
Wawaran: Baheula Habibie téh présiden di Indonésia
Pananya jalma:
  • Saha présiden di Indonesia baheula téh?
  • Présiden di Indonesia baheula téh saha?
Pananya waktu:
  • Iraha Habibie téh présiden di Indonesia?
  • Habibie téh présiden di Indonesia iraha?
Pananya tempat:
  • Di mana Habibie téh présiden?
  • Habibie téh présiden di mana?
Atawa pananya séjénna, maké kecap: kumahanaha, jsb.
(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)
  • Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, lain?
  • Baheula Habibie téh présidén di Indonesia, sanés?
pananya jalma:
saha mamah na aji?
saha nuteu milu upacara poe senen kamari?

Kalimah Paréntah[édit | édit sumber]

Kalimah paréntah nyaeta kalimah anu eusina mah nitah ka nu lian sangkan migawe pagawean. Kalimah parentah sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)
Kalimah parentah bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, saluyu jeung eusi atawa maksud nu dikandungna:

A. Kalimah Panitah[édit | édit sumber]

Contona:
  • Tutupkeun pantona, Mang!
  • Pareuman televisi teh!
  • Cangcang domba teh!

B. Kalimah Pangajak[édit | édit sumber]

Contona:
  • Jun, maen bal, yu!
  • Meuli tahu, yu ah!
  • Hayu urang diajar ngadongeng!

C. Kalimah Pangharepan[édit | édit sumber]

  • Mugi anjeun enggal damang.
  • Muga-muga urang jadi juara kahiji.
  • Mugi-mugi sadaya siswa VIII tiasa naek kelas.

D. Kalimah Panyaram[édit | édit sumber]

  • Ulah diuk di jalaneun, atuh!
  • Ulah kitu, atuh!
  • Teu kenging hitut di kelas, bau!

E. Kalimah Pangjurung[édit | édit sumber]

  • Jung geura salin ari rek milu ka Bogor teh.
  • Sok geura diajar ti ayeuna!
  • Bakal dipasihan geura upami nyuhunkeun mah.

F. Kalimah Panggeuri[édit | édit sumber]

  • Anu sabar we, lamun bapa anjeun keur teu damang.
  • Sing tabah, nya, urang mah jalma teu boga.
  • Sabar, nya, lamun nyanghareupan masalah teh.

Wanda Kalimah[édit | édit sumber]

Kalimah Aktip jeung Pasip[édit | édit sumber]

1. Kalimah aktif nya éta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.
Contona: Titi meuli daging.
2. Kalimah pasif nya éta kalimah anu jejerna kakeunaan hiji pagawéan.
Contona: Daging dibeuli ku Titi.

Kalimah Resiprokatif/Babalesan[édit | édit sumber]

Kalimah resiprokatif nyaeta kalimah anu subyekna migawe pagawean kalawan pabales-bales. Titenan contona:
  • Dion jeung Doni mah silih toel.
  • Ulah silih ciwit bae bisi ceurik.
  • Saha eta nu keur patarik-tarik lumpat di lapang?
Kalimah-kalimah diluhur teh nuduhkeun pagawean anu pabales-bales. Rarangken anu digunakeun dina caritaan kalimah nyaeta silih- jeung pa- + dwilingga

Kalimah Langsung jeung Teu Langsung[édit | édit sumber]

  1. Kalimah langsung nyaeta kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna. Kalimah langsung sok ditulis (dihapit) make tanda kekenteng ("...")
Conto: Ceuk Icih, " Jang, pangmeserkeun patlot ka warung!"
  1. Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu heunteu dicaritakeun langsung ku panyaturna, sipatna naratip (nyaritakeun)
Conto:Icih nitah ka si Jajang yen manehna hayang dipangmeserkeun patlot ka warung.

Kalimah Transitip jeung Intransitip[édit | édit sumber]

Kalimah Transitip nyaeta kalimah anu caritaanna merlukeun Udagan (Objek) Conto : Nuni/S nuju maca/P buku/O
Kalimah Intransitip nyaeta kalimah anu caritaanna teu merlukeun ayana Udagan (Objek) Conto : Itoh/S nuju maca/P

Kalimah Sampurna jeung Teu sampurna[édit | édit sumber]

Warna Kalimah[édit | édit sumber]

Kalimah Barang[édit | édit sumber]

Kalimah barang nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.
Conto:
  1. Si Udin téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
  2. Singhoréng bapana téh dokter.
  3. Témbokna beton kabéh.

Kalimah Pagawéan[édit | édit sumber]

Kalimah pagawéan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.
Contona :
  1. Budak keur dahar.
  2. Nina ceurik.
  3. Barudak sakola keur dialajar.

Kalimah Sipat[édit | édit sumber]

Kalimah sipat nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.
Contona:
  1. Buluna bodas.
  2. Budak téh bageur.
  3. Dudu gering.

Kalimah Bilangan[édit | édit sumber]

Kalimah bilangan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.
Contona:
  1. Paingan anakna loba.
  2. Daharna téh ngan ukur sapiring leutik.
  3. Jerona kurang leuwih 1000 méter.

Kalimah Pangantét[édit | édit sumber]

Kalimah Pangantet Nyaeta kalimah anu caritaanana ngandung kecap pangantet.
Conto kecap pangantet:
•  Ti ( dari )
•  Pikeun ( untuk )
•  Siga ( seperti )
-Jaketna *tina* kulit =
-Baju seragam teh aya *dina* lomari =
-mahmud *siga* bapana